Nama : Halimatu
Sadiah
NIM :
218620600200
Prodi : PGSD
Semester 3
Entog Emas
Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna
cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup
sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida
nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga
dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah,
isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun
ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab
Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan
gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida
laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti… mun paparin abdi
beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung
uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin
kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy
cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida
serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog
emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap
endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual
ieu mah, …“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna
ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan
endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga
sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu
mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun
kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh.
Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi
manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu
kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah
hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake
kabutuhan sapopoena.
0 Response to " "
Posting Komentar