Nama:
karinah
Nim : 208620600243
prodi : pgsd
semester : 3
“SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA
CABE”
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi
leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya eta Sakadang Monyet.“Sakadang Kuya!”
Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya!” “Kuk!”
Sakadang Monyet nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. “Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah
keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabe, yu!”
“Di mana?” “Di kebon Patani, mangka cabena geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyet mah sok
gandeng.” “Moal, moal gandeng ayeuna mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan
moal gandeng.” “Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet
jeung Sakadang Kuya teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong
cabe pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon.
Sakadang Kuya moncor kana pager, ari
Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus bae ngaralaan cabe, didalahar di dinya
keneh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah bae ladaeun. Kitu deui sakadang monyet.
Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang Monyet ngagorowok. “Seuhah lata-lata!”
Maksudna mah “seuhah lada-lada”. Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!”
Sakadang Monyet henteu ngawaro. “Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi
kadengeeun ku Bapa Tani.” Tapi Sakadang Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok
deui bae. “Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora
Sakadang Monyet anu tarik kadengeeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti
kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katembong
aya monyet jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabe. “Beunang siah
nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur
ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah, gajleng bae Sakadang Monyet ngejat,
terekel kana tangkal kai.
“Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya
ngagorowok menta tulung. Tapi Sakadang Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk
acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da
teu bisa lumpat, leumpang ngadedod bae. Kerewek bae ditewak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk
Bapa Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa
Tani, isukan kuya rek dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyet rerencepan
ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang
Kuya, keur naon?” Sakadang Monyet nanya. “Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh
kuring teh keur ngararasakeun kabungah.” “Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya
eta, kuring teh rek dikawinkeun ka anak Bapa Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa
Tani?” “Enya.” ”Nu bener Sakadang Kuya?” “Piraku atuh kuring ngabohong ka
sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyet ngahuleng
sajongjongan. “Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk
Sakadang Monyet. “Tukeur tempat kumaha?” “Enya tukeur tempat.
Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh
cicing di jero kurung.” “Ah, embung.” “Kuring mah karunya we ka Sakadang Kuya,
sapeupeuting dikurungan.” “Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani
teh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya
tukeur tempat. Antukna sakadang kuya teh eleh deet. “Heug bae tukeur tempat,
tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya. “Naon saratna?” “Saratna mah gampang.
Samemeh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet ngaluarkeun
Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung bae Sakadang
Kuya teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-buru balik deui ka imah
Bapa Tani.
Sup bae ngurungan maneh ku kurung hayam. Ngadedempes
ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna. “Manehna, ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka
pamajikanana. “Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit
kuya di pipir.”Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku
Sakadang Monyet. Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit,
lain rek dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok.
Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun.
Gancang bae atuh Sakadang Monyet teh papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang
srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon,
Nyai?” “Ieu geuning nu dina kurung teh lain kuya.” “Naon Nyai?” “Monyet, jeung
siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy
nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh aya monyet ngabugigag,
lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.”
“Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk
pamajikanana mairan. Monyet teh dicokot ku Bapa Tani, lung bae dialungkeun jauh
pisan. Barang gubrag kana taneuh, korejat monyet teh hudang, berebet lumpat,
kalacat bae naek kana tangkal kai.
Amanat:
Ulah sok ngajak hal-hal anu teu bener nu
sakirana kurang alus ka babaturan urang sorangan, saperti cukat-cokot atawa
nyolong barang batur. Jeung salaku babaturan, urang kudu silih tutulung ka
babaturan anu keur ngabutuhkeun bantuan urang, jeung urang oge ulah gampang di
pangaruhan ku hal-hal anu sakirana tacan pasti kabenerannana.
0 Response to "Carpon sasatoa "
Posting Komentar