CARPON SASATOAN

SIREUM JEUNG GAGAK

     Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!” 

     Kabeneran aya Gagak keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Gagak karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. 

     Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kugagak dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka gagak anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya. 

     Dina hiji mangsa gagak teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan 

     Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun gagak bari ngaharewos ka manehna. ”heh gagak, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, gagak buru-buru geleber hibeur. 

     Isukna gagak papanggih deui jeung sireum. Ceuk gagak: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.” 

     Tah kitu cenah lalakon sireum jeung gagak anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran yeuh…. kieu geura …!!


” Itu lain langlayangan

Manuk heulang puputeran

Hirup teh henteu sorangan

Kudu daek silih tulung. “

 

= Selesai =


Nama: Asep Nur Iskandar

Alamat: Mandalawangi

Prodi: PGSD

Sem: 3

0 Response to "CARPON SASATOAN"

Posting Komentar