CARPON SASATOAN


“Kuya Ngagandong Imahna”

Oleh Nazla Safira

Dijaman baheula, kapungkur mah imah-imah kuya téh aya di sisi-sisi muara. Saban poé kuya gawéna ngan ukur ngahuma (berladang). Kuya getol pisan kana ngahumana téh, indit isuk balik magrib. Hiji mangsa basa manéhna keur di huma, aya hujan angin anu gedé kacidaan. Tatangkalan loba anu rarubuh, kitu deui jeung imah sakadang kuya milu hiber katiup angin, Brus wéh.. Lép kalem, ragag ka leuwi. Sakadang kuya atuh sedih kapisan, barang balik imahna geus teu aya.

“Astagfirulahhh!!!!!!!, imah urang leungit kamana ieu teh gustiii”, ucap si kuya.

Kuya anu tos pasrah, nanya ka sasato nu aya didinya, bari lempang bulak-balik, sugan weh aya nu terang imahna. Jol, di imah monyet si kuya nanyaken bari ngageroken nu harus.

“Nyetttt tulungan abdi, imah abdi mah leungitt, abdi teu bisa sare ieu mah, turun nyett tulungan abdi.”, ceuk kuya.

“Ohhh, Kuya tadi abdi ningali imah maneh hiber ka landeh, sigana kabawa angin gede” ceuk monyet.

“Hatur nuhun nyet”, ceuk kuya.

Boh weh si kuya, lumpat kenceng jiga anu di udag-udag setan. Barang panggih, horengan mah imahna nyangsang dina tangkal cau.  

            Isukna, kuya magehan imahna pang ulah kabawa angin. Dipaku gigir kencana apang kuat. Hiji poe, kuya keur ngahuma dikebon, crik cai hujan nyekclek dina huluna. Kuya gera indit ka imahna hoyong ngecek bisik ka bawa hibeur deui. Hujan ngagedean, kuya gancangan lumpat. Barang jol nyampe ka imahna, sing horeng imahna ka bawa palid, ku cai gede. Kuya panik, di udag eta imahna ngapung dicai. Tapi teu ka udag ku manehna. Si kuya pasrah weh ja tos jauh rek kumaha deui.

Isukna, kuya nyieun deui hiji imah anu tohaga (bangunan ageung jeung kuat) supaya ulah kabawa angin deui. Hiji poé, kuya balik ti huma tuluy masak keur dahar soré. Sabot masak manéhna ka cai hela, keur di cai manéhna nempo haseup ngebul nu ngarah ka jalan imah manehna.

“Aya naon eta, mani ngebul pisan? Coba tingali heula sakedap”, ceuk kuya

Barang tos nyampe ka imahna, horengan imah manehna ka beleum, kuya panik menta tulung kanu sasato nu aya di dinya.

“TULUNGGGGG-TULUNGGGG”, Kuya ngajarawakk.

Boh weh, sasato anu lain ngarumpul.

“Aya naon, kuya” ceuk si monyet.

“Bantuan abdi, imah abdi ka beulemmmm”

Sasato anu lain ngabantuan kuya mareuman imahna anu kabeuleum. Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum.

“Sial amat hirup urang teh gusti, kamari imah urang hibeur ku angin, terus kuari kabeleum”

Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya.

“Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!”

“Lain mantak sakali ieu baé sakadang monyét, harita gé kitu baé aya hujan angin gedé, imah kuring ruksak keur ditinggakeun ka huma. Kudu kumaha atuh akalna supaya hayang boga imah anu awét téh?”

“Gampang atuh kuya, ngarah imah hayang ulah cilaka mah babawa baé ulah di tinggakeun. Pék ayena mah, manéh nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engké lamun geus anggeus, ku urang pasangkeun ka tonggong manéh, jieun pantona sakira asup kana sirah baé supaya gampang ngasupkeun sirahna ka jero.”

Éta omongan monyét téh di turutkeun ku kuya, tuluy manéhna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, nu gedéna ngukur kana awak, panto di harepna ukur bisa longgor sirah paranti kaluar asupna baé.

Saengges imahna jadi, prok baé dipasangkeun kana tonggongna bari dibantuan ku sasato lain, ari sakadang monyét anu memenerkeun nana. Bari disalametan ku sasato lain, kuya teh ngarasa bungah pisan. Ngucapkeun haturnuhun kasasato anu lainm anu tos ngabantuanna.

“Sugan wehh, tos kie maneh teu sangsara deui kuya”, ceuk monyet.

“Haturnuhun kasadaya anu tos nulungan abdi” ceuk kuya.

“Tos kuari mah, anjeun ayena mun arek nyieun imah kieu bae, ulah di tinggal-tinggal keun mun ndung cilaka” Cek monyet kolot.

“enya, haturnuhun sakali deui kuari abdi moal ningal-ningal keun imah abdi deui, kuari abdi ngarasa babari mun rek leumpang ka jauh teu ngarasa hariwang deui. Mun jauh, abdi tinggal asup weh, mun ker gawe tinggal asup teu ngantik bulak balik kamna-mana” ceuk kuya.

Tah ti harita mah imah sakadang kuya téh sok di babawa baé di gagandong.

 

0 Response to "CARPON SASATOAN"

Posting Komentar