Ku Halimatu Sadiah
Assalamu’alaikum wr wb
Dina hiji
kasempatan ieu abdi bade ngabahas perkawis kecap rundayan.
Kecap Rundayan Bahasa Sunda
Kecap rundayan nyaeta kecap asal anu
tos nganggo rarangken, boh eta mah rarangken hareup, tengah, tukang
sareng rarangken barung
Tah Rarangken teh aya 4 rupa
nyaeta;
1. Rarangken hareup (Prefikx) nyaeta rarangken mimiti atawa afiks nyaeta
rarangken nu ditambahkeun di mimiti kecap. Nu kaasup rarangken hareup nyaeta n-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti-, ba-, ting-,
pada-, sing-, si-, sang-, para-, jeung per-.
2. Rarangken tengah, sisipan atau infiks nyaeta rarangken nu disisipkeun di
tengah kecap dasar. Nu kaasup rarangken tengah nyaeta –ar-, -um-, -in-.
3. Rarangkaen tukang, akhiran atau sufiks nyaeta rarangken nu ditendeun di
akhir kecap dasar. Contohna nyaeta –an,
-eun, -keun, -na.
4.
Rarangken barung (Konfiks), nyaeta rarangken nu dipake babarengan di mimiti atawa jeung
diakhir kecap dasar. Mun salahsahiji rarangken dipeiceun, janten kecap eta teu
aya hartina. Contoh rarangken barung diantarana: ka–an, pa–an, pang–keun, pi–eun, pika-, pika–eun, sa–eun.
Di handap ieu
contoh kecap dasar nu nganggo rarangken hareup, rarangken tengah, rarangken
tukang jeung rarangken barung. Jeung contoh kalimah na.
|
NO |
KECAP
RUNDAYAN |
KECAP
|
KALIMAH |
|
1 |
Prefiks |
Si- |
Hudang sare’
ulah poho sibeungeut heula. (Bangun tidur
jangan lupa cuci muka terlebih dahulu) |
|
|
|
Para- |
Haturnuhun, parasaderek nu
tos dongkap di acara syukuran weungi ieu. (Terim kasih,
saudara-saudara yang sudah hadir di acara syukuran mala mini) |
|
|
|
Barang- |
Eta budak
bageur pisan sok barangbe’re’ mun boga jajanan (anak itu
baik sekali suka memberi kalau punya makanan) |
|
2 |
Infiks (sisipan) |
-al- |
Poe ayeuna
mah meuni laleuleus pisan. (Hari ini
sangat lemas) |
|
|
|
-ar- |
Kunaon caricing wae? (Kenapa pada
diam saja?) |
|
|
|
-um- |
Gedang eta gumading. (Pepaya itu
setengah matang) |
|
3 |
Sufiks (Akhiran) |
-an |
Maneh opatan geura kadieu (Kamu
berempat cepat kesini) |
|
|
|
-keun |
Ibu keur beulikeun sayur di
tukang sayur. (Ibu sedang
membeli sayur di tukang sayur) |
|
|
|
-ana |
Bacaeunana meuni loba pisan. (Bacaannya banyak sekali) |
|
4 |
Konfiks (Awalan jeung
akhiran) |
Pika-eun |
Awewe eta
meuni pikareuseupeun. (Wanita itu
sangat disukai) |
|
|
|
Sa-eun |
Pang
candakeun sangu sapiringeun (Tolong
ambilkan nasi sepiring) |
|
|
|
di-an |
Cing eta buku
maneh diaranan pang teu petuker jeung batur. (itu buku
kamu diberi nama biar tidak tertukar dengan yang lain) |
0 Response to "KECAP RUNDAYAN"
Posting Komentar