Nama : Lutfi Adrikni
Prodi : PGSD
Semester : 3
Kecap rajekan nyaeta kecap anu di ulang anu asalna tina suku kata (engang). Kecap rajekan aya opat jenis nyaeta:
1. Kecap rajekan dwipurwa
Kecap rajekan dwipurwa nyaeta kecap anu di ulang suku kata awalna,
contohna:
a. Tatajong (tajong)
Ulah sok tatajong kana awak Udin karunya nyerieun
b. Sesentak (sentak)
Ti isuk anjeun teh sesentak wae
c. Tatanya (tanya)
Mangkana tatanya pang ulah nyasab
d. Beberes (beres)
Meni rajin beberesih wae katingalina
2. Kecap rajekan dwimadya
Kecap rajekan dwimadya nyaeta kecap anu di ulang suku kata tengahna,
Contohna:
a. Sababaraha (sabaraha)
Sababaraha lembur kapungkur ka keueum ku banjir
b. Sapopoe (sapoe)
Indit ka kantor teh tos jadi pagawean sapopoe
c. Salelembur (salembur)
Kalakuan Deni mah mantak guyur salelembur
d. Sapeupeuting (sapeuting)
Mang eta baju cik ganti sapeupeuting di pake wae
3. Kecap rajekan dwilingga
Kecap rajekan dwilingga dibagi Kana dua bagian nyaeta dwimurni sareung dwireka
Dwimurni nyaeta kecap anu di ulang tapi teu ngarobah sora, Dwireka nyaeta kecap anu di ulang bari ngarobah sora.
Contoh dwimurni:
a. Meja-meja (meja)
Meja-meja teh bade di alihkeun ka dapur
b. Piring-piring (piring)
Piring-piring ieu teu acan di kumbahan
c. Aki-aki (aki)
Aki-aki maroyan di baruan
d. Manuk-manuk (manuk)
Manuk-manuk ricit disarada
Contoh Dwireka:
a. Buad-baed (baed)
Lamun aya nu keur ngalewat teh tanya ulah buad-baed bae
b. Alangah-elengeh
Si Dita alangah-elengeh ditingalikeun ku pameget
c. Tulas-tulis (tulis)
Ulah sok Bu Rika pah pih puh nuju masak
2. Eta nu keur leumpang Saha meni blag blog blug ja gandeng
3. Ari emam teh ulah bari trang treng trong teuing pamali
4. Beberes teh kudu Pras pris pres ulah lambat dina tembokd. Luak-liek
Sa acan meuntas teh kudu luak-liek heula dijalanna
4. Kecap rajekan trilingga
Kecap rajekan dwipurwa nyaeta kecap anu di ulang dasar na tilu kali bari jeung ngarobah sora
Contohna:
a. Pah-pih-puh
Bu Rika pah pih puh nuju masak
b. Blag-blig-blog
Eta nu keur leumpang Saha meni blag blog blug ja gandeng
c. Trang-treng-trong
Ari emam teh ulah bari trang treng trong teuing pamali
d. Pras-pris-pres
Beberes teh kudu Pras pris pres ulah lambat
0 Response to "Kecap Rajekan"
Posting Komentar