KECAP RAJEKAN (KATA ULANG)

 

OLEH ELIS LISTIANA

2. Kecap Rajekan (Kata Ulang)

Anu dimaksud kecap rajekan teh nyaeta kecap anu disebut dua kali atawa dirajek boh engangna boh wangun dasarna. Salian ti dirajek boh engangna boh wangun dasarna, aya oge kecap rajekan anu ditambahan ku rarangken, boh ditambahan ku rarangken hareup boh ditambahan ku rarangken tukang.

Aya sawatara rupa kecap rajekan, nyaeta anu disebut Kecap Rajekan Dwipurwa, Kecap Rajekan Dwimadya, Kecap Rajekan Dwilingga , sarta Kecap Rajekan Trilingga.

Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta nu dirajek engangna atawa suku katana, Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta anu dirajek engang tengahna, Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni) jeung anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka), sarta Kecap Rajekan Trilingga nyaeta anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

Kecap Rajekan

Kecap

Kalimah

 

 

 

 

 

 

 

Kecap Rajekan Dwipurwa

momobilan

Budi dipangmeulikeun momobilan ku indungna

(Budi diberi mobil oleh ibunya)

sasapu

Lina nuju sasapu di buruan

(Lina sedang menyapu di kebun)

kokolot

Pak Udin teh kokolot di Kadugajah

(Pak Udin itu orang yang dituakan di Kadugajah)

tatanya

Eta jalma teu bosen? Hayoh wae tatanya ti tadi!

(itu orang gak bosen? Terus saja bertanya dari tadi!)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Kecap Rajekan Dwimadya

sapeupeuting

Anu sok nyieun dekorasi keur hajatan mah geus biasa digawe sapeupeuting nepi ka isuk-isuk teh

(Yang selalu buat hiasan untuk hajatan biasa kerja semalaman sampai pagi)

sajajalan

Kuring cape sajajalan neangan mu ngajual areng, tapi teu manggih

(Saya lelah mencari Anda untuk menjual arang, tetapi tidak menemukan)

sababaraha

Ku kuring maneh na geus diingetan sababaraha kali, tapi keukeuh wae teu nurut

(Oleh saya kamu dan telah diingatkan berkali-kali, tetapi desakan apa pun tidak dipatuhi)

sapopoe

Ku jadi tukang ojeg, Kang Sabri teh bisa nyukupan kabutuh hirupna sapopoe

(Dengan menjadi tukang ojeg, Kang Sabri mampu memenuhi kebutuhan hidupnya sehari-hari)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Kecap Rajekan Dwilingga

Tual-toel

Naha maneh wani tual-toel kitu ka kuring, lain maneh teh boga dosa ka kuring

(Mengapa kamu berani menyentuh saya begitu, kamu punya dosa ke saya)

Pucal-pacul

Pak tani nuju pucal-pacul di sawah

(Petani itu sedang mencangkul di sawah)

Isuk-isuk

Isuk-isuk hawa karasa seger kénéh

(Di pagi hari udara masih terasa segar)

Jalma-jalma

jalma-jalma nu rék digarawé geus mariang

(orang-orang yang akan bekerja sudah pada berangkat)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Kecap Rajekan Trilingga

Trang-treng-trong

Eta sora anu keur masak di dapur teh meuni rame nepi ka trang-treng-trong kitu

(suara yang sedang masak di dapur berisik)

Dag-dig-dug

Nyanghareupan kabogoh munggaran, jajantung kurang karasa dag-dig-dug

(Menghadapi pacar pertamanya, hatinya terasa dag-dig-dug

Hah-heh-hoh

Lulumpatan diudag-udag anjing, si Udin hah-héh-hoh sadatangna ka imah

(Berlari mengejar anjing, Udin hah-heh-hoh pulang)

Blag-blig-blug

Barudak arulin di loténg, sorana kakuping blag-blig-blug

(Anak-anak bermain di loteng, suara blag-blig-blug)

 

0 Response to "KECAP RAJEKAN (KATA ULANG)"

Posting Komentar