Kabungahan anu teu di sangka-sangka

 


   Mun sok aya acara keping pramuka abdi teh sok di ajak ku babaturan. Sebenerna mah abdi teu pati aktif dina latihan pramuka di sekola, tapi unggal aya acara kemping pramuka abdi sok di ajak wae.ari sabab ku sabab teh abdi ceunah boga pangkabisa ngagambar jeung nyanyi, pan dina unggal acara kemping pramuka boh tingkat sekola boh tingkat kota sok aya wae lomba seni na. 

   Dina hiji acara kemping pramuka.seperti biasa ,kuring di bere tugas pikeun miluan lomba ngagambar. Waktu harita mah abdi ngadak ngadak teu boga ide rek ngagambar naon, abdi ngaheuleung heula bingung, nempo nu lain mah sejen ngagambarna gancang pisan geus ngagalambar. Pas nempo babaturan urang nyaeta si ani, kuring ngarasa minder,sabab ani harita teh ngagambarna meni ku alus pisan,atuh abdi beuki bingung,nempo gambarna ani meuni ku alus, ari mun abdi mah ngalamun bae.

  Saengges lila bingung ngalamun ngadak ngadak kuring inget lukisan nu aya di imah nu ngagantung di tembok palataran imah, eta teh lukisan abstrak. Kumpulan lukisan parahu pasolengkrah di pesisir pantai. Teu lila lila abdi langsung ngagambar doang eta lukisan. Kesabaran lukisan abstrak, abdi bisa ngagambar gancang jeung bebas sabari ngaluarkeun kemampuan abdi. 

  " Duh eta lukisan ani meuni ku alus pisan, sigana mah lukisan ani bisa jadi juara ". Ceuk abdi dina jero hate, lukisan ani alus,eta lukisan asup kana lukisan aluran naturalisme, alus pisan. Sakabeh lukisan peserta di kumpulkeun, juri nilik ka unggal lukisan. Waktu juri nilik kana lukisan ani. Kaciri eta juri teh kataji pisan kana lukisana ani. 

  Nu jadi juri teh ngen sa urangan nyaeta pak maman. Sabot nilik lukisan abdi, pa maman siga nu kaget jeung merengut. " boa eta juri teu resepeun kana lukisan abdi". Ceuk hate abdi. Eta pa maman teh lila pisan nilik nilik lukisan abdi. Terus pa maman ngaharewos ka panitia. Jeung siga nu ngajebian kana lukisan abdi ," ah sigana mah goreng lukisan abdi teh." Ceuk hate abdi. Abdi teu mihareupkeun meunang hadiah. 

  Teu hebeul sa enggeus nilik nilik ka lukisan peserta,akhirna panitia ngumumkeun pemenang lomba lukisan ieu,abdi mah teu ngarep ngarep menang hadiah,nu penting mah abdi bisa milu lomba ieu, panitia ngumumkeun anu menang pikeun lomba lukisan di acara pramuka ieu, " pemenang lomba melukis untuk juara pertama di raih oleh RESTU NISSA". hate meni ku ngadegdeg teu nyangka mun abdi bisa jadi juara.

0 Response to "Kabungahan anu teu di sangka-sangka"

Posting Komentar