Nami : Silva Saskia Dewi
Prodi : PGSD
Semester : III
“SIREUM JEUNG JAPATI”
Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap,
manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah
dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum
gegeroan,” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!” Kabeneran aya japati keur
cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum
gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur
kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. Song diasongkeun daun teh
kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka
darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu
geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu
nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran
aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun
leumpangna keketeyepan Teu talangke deui buru-buru sireum
nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura
hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna.
Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun
pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina
balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan
batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh
teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu
akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran yeuh…. kieu geura …!!
” Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. “
= Rengse =
0 Response to "Carita Pondok Sasatoan"
Posting Komentar