Materi 2 Kecap Rajekan

Oleh Erwin Hidayatullah

Assalamualaikum Wr. Wb

Sampurasun! Sadayana, Kumaha damang Sarerea? Katimu jeng abdi deui Erwin Hidayatullah, Tina hiji kasempatan ieu tèh ayeuna abdi bade nerangkeun tentang kecap rundayan. Nah ieu tèh lanjutan tina materi Wangun Kecap tina basa sunda kamari. Lamun ta’acan terang materi anu kamari bisa ngaklik link anu di handap ieu materi satacanna: 

Materi 1 Kecap Dasar Oleh Erwin Hidayatullah

Oke langsung waè kana materina. Naon sih èta Kecap Rundayan? Kecap rundayan mangrupaken salah sahiji tina wangun kecap, anu tos ditambahken ku rarangken tina kecap dasar, matèri kamari masih nyambung jeung materi ayena. Naon èta rarangken? Rarangken tèh anu tos ditambahken imbuhan. Kecap Rundayan tèh aya 4 rupana nyaeta:

1.      Rarangken Harep, Depan atawa Afiksi :

Nyaeta imbuhan anu ditambahken dimimiti kalimat atawa diawal kalimat.

Anu termasuk dina rarangken harep tèh nyaèta: n-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti-, ba-, ting-, pada-, sing-, si-, sang-, para-, ejeng per-.

2.      Rarangken Tengah, Sisipan atawa Infiks :

Nyaèta imbuhan anu disisipken ti tengah kecap dasar.

Anu termasuk tina Rarangken Tengah tèh nyaèta: –ar-, -um-, ejeng -in-.

3.      Rarangkaen Tukang, Akhiran atawa Sufiks :

Nyaèta imbuhan anu disimpen ti akhir kecap dasar.

Anu termasuk tina Rarangken Akhiran tèh nyaèta : –an, -eun, -keun, ejeng -na.

4.      Rarangken Barung, Diantara atawa Konfiks :

Nyaetaya imbuhan anu dipake babarengan ti awal ejeng ti akhir. Lamun salah sahiji imbuhannya dipiceun, maka kecap eta hente berarti.

Anu termasuk tina Rarangken Barung tèh nyaèt : ka–an, pa–an, pang–keun, pi–eun, pika-, pika–eun, ejeng sa–eun.

Perhatikeun contoh kalimat tina tabel di handap ieu:

No

Kecap Rundayan

Kecap

Kalimah

1

Prefiks (Awalan)

n-

Abdi tèh ayena keur nulis buku

(Saya sekarang sedang menulis buku)

Asal kecap dasarna “tulis + n-” diharepna jadi nulis sanès ntulis salah.

di-

Entong dicandak waè kuehna Asep

(Jangan diambil terus kuenya Asep)

Asal kecap dasarna “candak + di-” diharepna jadi nulis sanès ntulis salah.

Ka-

Buku manèh Kapahili jeng abdi

(Buku kamu tertukar dengan saya)

Asal kecap dasarna Pahili + Ka- diharepna jadi Kapahili.

2

Infiks (Sisipan/tengah)

-Ar-

Buah mangga ièu tèh mani Aramis pisan.

(Buah ini sangat manis sekali)

Asal kecap dasarna amis + -ar- ditengahna jadi aramis sanès aaramis.

-Um-

Lumampah ulah ngalangkah, indit bari cicing.

(Berjalan tanpa melangkah, pergi dengan berdiam diri)

Asal kecap dasarna lampah + -um- ditengahna jadi lumamah sanès lamumpah.

-In-

Puji sinareng sukur, hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT.

(Puji serta syukur, mari kita panjatkan ke hadirat Allah SWT)

Asal kecap dasarna sareng + -in- ditengahna jadi sinareng sanès sarineng.

3

Sufiks (Akhiran)

-An

Adit, urang tadi ningali kabogoh manèh keur jalan duaan jeng lalaki naèk motor ènggalan kaditu.

(Adit, tadi saya melihat pacar kamu sedang berduaan di jalan bersama laki-laki lain, cepetan kesana)

Asal kecap dasarna enggal + -an diakhiran jadi enggalan.

-Eun

Tanggung atuh ce mawana, hijikeun waè atuh kadinya.

(Tanggung sekali kak, satukan saja sekalian kesitu)

Asal kecap dasarna hiji + -eun diakhiran jadi hijikeun.

-Keun

Anjeun ulah sok nuturkeun abdi wae!

(Kamu jangan mengikuti saya saja!)

Asal kecap dasarna tutur + -eun diakhiran jadi nuturkeun.

-An

Alhamdulillah, dagangan sayuran urang laku pisan,

(Alhamdulillah, jualan sayuran saya pada laku)

Asal kecap dasarna dagang + -an diakhiran jadi dagangan.

4

Konfiks (Gabungan awalan &akhiran

Sa – eun

Anu èntos daftar milu jalan-jalan tèh aya 39 jalmi, tinggal saurangeun deui jadi 40 jalmi.

(Yang sudah dafta ikut jalan-jalan ada 39 orang, tinggal satu orang lagi­)

Asal kecap dasarna urang + sa-eun ditengah jadi saurangeun.

Pa – an

Ayena padumukan di Indonesia tèh tos leuwih ti 227 juta jalmi.

(Sekarang penduduk di Indonesia sudah lebih dari 227 juta orang)

Asal kecap dasarna dumuk + sa-eun ditengah jadi padumukan.

Pi – eun

Ieu tèh kanggo pibekeleun anjeun dijalan.

(Ini buat perbekalan kamu di jalan)

Asal kecap dasarna bekel + pi-eun ditengah jadi pibekeleun.

 Tos, cukup sakitu ti abdi, Masih seueur anu kudu dibahas perkawis  Wangun Kecap ti lain waktos kin ku abdi bahas deui. Mugi bae aya mangpaatna , sanaos masih kènè seueur kakiranganana. Sagala kritik sareng saran kanggo nyampurnakeun ieu artikel, kalintang diantos dikolom komentar dihandap ieu, sakitu ti abdi.

Wassalamualaikum. wr. wb

0 Response to "Materi 2 Kecap Rajekan"

Posting Komentar