Nama
: Elis Listiani Fajrin
Nim
: 208620600163
Prodi
: PGSD
Semester
: 3
STKIP
SYEKH MANSHUR PANDEGLANG
Dongeng
mangrupikeun carita anu teu leres-leres kajadian, anu ukur pikeun hiburan.
Jenis dongéng ieu sorangan mangrupikeun jinis dongéng ngeunaan sasatoan atanapi
dina sato Sundan atanapi sasatoan anu sigana tiasa nyarios atanapi polah siga
manusa.
"SAKADANG
MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG”
Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong
simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae
bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan
jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. Hiji waktu manehna kungsi
dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik.
“Sing
karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge
tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku
kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.
”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb.
Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus
anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak
ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang
Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur
kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur
bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang
Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang
Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita:
“Euh
gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang
neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung.
Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang
Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang
Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha. Tepi ka guha nu dituju,
sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha,
ngaringkuk di nu rada poek.
Buluna anu kawas cucuk teh kudu
dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun
Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong
rek nyarumput di nu buni. Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang.
Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong.
“Mana
anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang
Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah
geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun,
nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus,
sing ulah kadenge ceurikna.
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit
heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya
bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang
geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae
cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna
baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna
naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak
ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana.
Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere
pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang
Bagong.
0 Response to "Sakadang Maung Jeng Bagong"
Posting Komentar