Kecap Rundayan
Ku : Ulfah
Kecap rundayan nyaeta kecap asal anu tos nganggo rarangken, boh eta mah rarangken hareup, tengah, tukang sareng rarangken barung.
Rarangken teh aya 4 rupa nyaeta;
1. Rarangken hareup (Prefikx) nyaeta rarangken mimiti atawa afiks nyaeta rarangken nu ditambahkeun di mimiti kecap. Nu kaasup rarangken hareup nyaeta n-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti-, ba-, ting-, pada-, sing-, si-, sang-, para-, jeung per-.
2. Rarangken tengah, sisipan atau infiks nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap dasar. Nu kaasup rarangken tengah nyaeta –ar-, -um-, -in-.
3. Rarangkaen tukang, akhiran atau sufiks nyaeta rarangken nu ditendeun di akhir kecap dasar. Contohna nyaeta –an, -eun, -keun, -na.
4. Rarangken barung (Konfiks), nyaeta rarangken nu dipake babarengan di mimiti atawa jeung diakhir kecap dasar. Mun salahsahiji rarangken dipeiceun, janten kecap eta teu aya hartina. Contoh rarangken barung diantarana: ka–an, pa–an, pang–keun, pi–eun, pika-, pika–eun, sa–eun.
Conto Kalimah
1. Prefiks
Si-
Hudang sare’ ulah poho sibeungeut heula.
(Bangun tidur jangan lupa cuci muka terlebih dahulu)
Para-
Haturnuhun, parasaderek nu tos dongkap di acara syukuran weungi ieu.
(Terim kasih, saudara-saudara yang sudah hadir di acara syukuran mala mini)
Barang-
Eta budak bageur pisan sok barangbe’re’ mun boga jajanan
(anak itu baik sekali suka memberi kalau punya makanan)
2. Infiks (sisipan)
-al-
Poe ayeuna mah meuni laleuleus pisan.
(Hari ini sangat lemas)
-ar-
Kunaon caricing wae?
(Kenapa pada diam saja?)
-um-
Jambu eta gumading.
(Jambu itu setengah matang)
3. Sufiks (Akhiran)
-an
Maneh tiluan geura kadieu
(Kamu bertiga cepat kesini)
-keun
dudung nuju meserkeun roti pikeun lanceukna.
(dudung sedang membelikan roti untuk kakaknya)
-ana
Bacaeunana meuni loba pisan.
(Bacaannya banyak sekali)
4. Konfiks (Awalan jeung akhiran)
Pika-eun
Pameget eta meuni pikareuseupeun.
(Laki-laki itu sangat disukai)
Sa-eun
Pang candakeun sangu sapiringeun
(Tolong ambilkan nasi sepiring)
di-an
Eta buku maneh diaranan pang teu petuker jeung batur.
(itu buku kamu diberi nama biar tidak tertukar dengan yang lain)
0 Response to "Kecap Rundayan"
Posting Komentar