Kecap Rajekan
KECAP RAJEKAN nyaeta kecap anu diulang, anu nganggo rarangken awalan sareng akhiran. Kecap rajekaan oge kabagi 4, nyaeta :
1. Kecap Rajekan Dwipurwa
Dwi artina 2, sedangken purwa artina
awal, jadi rajekan dwipurwa eta kecap
awal anu diulang deui dina suku kecap
awalna.Contona :
a. Beberes (beres)
Nisa beberes wae dirompokna oge
b. Momotoran (motor)
Budak alit ayeuna momotoran wae
c. Iimahan (imahan)
Abdi keur alit osok iimahan wae
2. Kecap Rajekan Dwimadya
Nyaeta kecap anu diulang ditengah-
tengahna. Contona :
a. Sababaraha (sabaraha)
Aya sababaraha buku diperpustakaan
b. Sadudulur (sadulur)
Abdi sareng sadudulur bade ameng
c. Salelembur (salembur)
Rencangan abdi nikahna sareng
rencangan salelembur
3. Kecap Rajekan Dwilingga
Nyaeta anu ngarubah soak dasar. Kecap
rajekan dwilingga kabagi 2, nyaeta :
a. Dwi murni nyaeta anu hente
ngarubah soak kecap dasarna.
Contona :
1. Jalma-jalma (jalma)
Jalma-jalma ayeuna eta bararodo
2. Lembur-lembur(lembur)
Di lembur-lembur ayeuna seer
anu maot
3. Udag-udag (udag)
Budak di udang-udang ku anjing
b. Dwireka nyaeta anu ngarubah soak
kecap dasarna. Contona :
1. Sura-seuri (cengengesan)
Arni suraa-seuri wae
2. Luak-liek (lirik)
Resti luak-liek wae titadi
3. Buad-baeud (Berwajah kecut)
Buad-baeud amat
4. Kecap Rajekan Trilingga
Nyaeta kecap ulang anu kecap dasarna
diulang 3 kali. Contona :
a. Dar-der-dor
Sora petasan meni dar-der-dor ja
karaget
b. Dag-dig-dug
Arek papanggih sareng kabogoh meni
dag-dig-dug pisan
c. Pak-pik-puk
Bu Nia ngangkatan popoean meni pak
-pik-puk kitu
Nama : Fazriah Turomdon
Prodi : PGSD
Semester : 3
0 Response to "Kecap Rajekan"
Posting Komentar