Oleh : Siti Putri Annisa Ulwahidah
Sabuk Nabi Sulaiman
Kijang nembe lepas tina cilaka maot. Sakabeh buhaya anu arek ngadaharna tos di bobodo atah-atah. Kijang kuari tiasa leumpang lalaunan, beuteung na karak karasa lapar ku sabab sapoe di anggo lulumpatan jeung leumpang jeung nyalametkeun maneh. Kuari manehna leleumpangan di gigir Leuweung. Bet, hup ! Aya maung lapar dongkap ngajegat.
" Jang, sing tos tilu poe henteu ngadahar daging..!" Ceuk maung bari ngacah, manehna tos hayang ngadahar daging kijang.
"Hayang ngadahar kuring? Saha anu sieun? sok wae !" Ceuk kijang bari teu aya beban jeng sieun.
"Bener kijang? Maneh arek ku aing dahar? Tanya maung bari jeung atoh
"Aing ngartos, aing kan satoa leutik, rek nolak geh teu tiasa, bet.."
"Kunaon jang..?"
"Sataacan aing paeh, aing ngayuhunkeun hiji pamenta"
"Naon eta jang?"
"Teuingkeun aing neangan kadaharan sakedeng di sikitaran didieu, aing arek ngadahar dadaonan atanapi naon bae, syukur lamun aya bonteng."
"Nyaentos jang pamenta terakhir maneh ku aing kabulkeun."
"Haturnuhun maung anu bageur, kuari pang peremkeun panon maneh sakedeng"
"Lho? Pan pake peremkeun panon sagala jang?"
"Iya ung, kasiga ucing sumput, pang aing teu bisa lumpat kajauh ti maneh"
"Muhun,jang ! Peremkeun panon maneh" ges kitu kijang lumpat sakuat tanaga.
"Antos jang?"
"Tacannn.."
"Antos jang?" Tanya maung sakali deui
"Taaacaaan..!" Jawab kijang jeung sora siga teu ka dangu ti jauh
"Ntoss Jang??"
Kuari kijang henteu ngajawab deui, maung jug ngabuka panonna.
"Wauw..! Kamana kijang? Badeng-badeng maneh nipu urang."
Maung neangan kadieu kaditu, ges lami teu katimu si kijang."Bodo na kuring...!" Greget maung "kudu na aing ulah nurutkeun omongan kijang, kuduna pas katimu tadi langsung ku aing dahar bae, awas maneh kijang."
Samentawis eta kijang teras leumpang jeung neang pisamunieun anu aman. Kedap-kedap kijang nele ka tukang, sieun lamun aya maung tos lumpat gancang ngudag ngadatangan.Sugan-sugan maung nyeuri beuteung, nyeri huntu, katusuk sura atanapi di dahar jurig jadina teu tiasa ngudag aing" gumujeng kijang bari leumpang gancang. Sabab sering ningali ka tukang maneh na teu was-was kana kaayaan di payuneun manehna.
"Hup! Aduh. Memeh beh aing kacilaka oray anu keur sare ieu." Ceuk kijang bari nahan lengkahna. Kijang ngereureuh teu jauh tina si oray anu keur sare bariMilarian akal. "Gancang atanapi lalaunan maung eta tangtu manggihan kuring, lajeng naon pipikiran Kuring piken kabur tina ancaman Pati ieu?"
Nalika nuju siang, maung beuki kalaparan.
"Grrrr...! Kijang gusti sial! Nyamuni di mana geh tangtu manggihan ku aing, aing tiasa ngambeu bau kesang maneh ti kajauhan." Teu lami.. "nah ! Ieu maneh..!" Ceuk maung bari jeung atoh saentos nganimukeunKijang. "Ssstt !" Huleng kijang, ulah gandeng-gandeng, ung.."
"Arek naon deui? Rek nipu aing?" "Henteu..! Kalem bae !" Ceuk kijang enteng. "Usus di jero beuteung tos ngabantingkeun, Kuring tos lapar pisan, Jang ! Toslah relakeun diri maneh ku Kuring di dahar." "Sabar, kuring diuk di dieu sabenerna keur di gawe, kuring di titah ku Baginda nabi Sulaiman.""tong konyol ! Naon gawe maneh?"
"Angkat sareng abdi," ceuk kijang bari ngajak maung ngadekeutan si oray anu keur sare. Sakolebat oray eta kasiga sabuk anu di gulung rapi. "Jang ieu mah oray?" "Wah, belet na maneh mah. Ieu teh lain oray hirup. Ieu teh sabuk na Baginda Nabi Sulaiman, panguasa sakabeh satoa. Saha anu nganggo ieu sabuk nangtu manehna di pikasieun ku sakabeh satoa diDunia ieu."
"Tiasa di cobi ku kuring jang?"
"Ulah..!"
"Lamun henteu tiasa maneh ku aing di dahar kuari."
"Mu..muhun atuh ari Kitu mah."
Maung ngajulurkeun letah jeung punukna, maneh ngamaksudkeun ngelus-ngelus sabuk eta sateu acan nganggo na. "Hem..Alus pisan ieu sabuk.." ceuk maung bari jeung ngaletakan barang anu di kanyaho sabuk eta.Pek... "Maung gusti sial!" Ujug-ujug Si oray hudang ti sare na. "Wawanian maneh ngaganggu waktos istirahat aing." Sagancang kilat oray ageung eta melit dina awak Jeung ngagegelan. Maung teu daek ngalah, manehna ngabales gegel beuteung oray sareng ngacakaran awak oray eta, saduana gelut salila na.
"Hihihi...!" Kijang nyengserikeun, "abdi alim terang saha anu kedah menang sareng hirup, abdi lewih milih ngajauh ti tempat ieu. Wilujeng kantun maung anu belet."
0 Response to "Carpon sasatoa"
Posting Komentar