Carpon bahasa sunda



Sakadang kuya jeung sakadang monyet ngala nangka 

Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare di sisi hutan deukeut walungan,dina tangkal Kiara,sakadang kuya mah sare di handap di sela-sela akar ,ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna,teu pajauh.maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare,atawa bisa silih geuingkeun bisi aya nanaon.dug weh duaanana sare mani tibra teungah peting sakedeng monyet nyaring,terus ngahudangkeun sakadang kuya .

“sakadang kuya,sakadang kuya”. ceuk sakadang monyet “naon sakadang kuya “tembal sakadang monyet “kuring ngimpi manggih tangkal nangka.anu buahna geus arasak,dina mimpi the katingali deuih tempatna dimana”ceuk sakadang monyet”dimana ?”ceuk sakadang kuya.”di tengah leuweng”ceuk monyet keun atuh isuk wang teang,ayeunamah sare deui we da peuting keneh.”tembal kuya ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung sare,meni dug sek.ari sakadang kuya mah hulang heulung keneh hese sare deui.

Keur hulang heleng kitu.sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur,pokna teh “ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka the kusorangan,keun we da sakadang kuya mah teu bisaen naek tangkai ieuh,hahaha.”ngadenge kitu,sakadang kuya ngahuleung,kapikiran caritaan sakadang monyet keur ngalindur.kapikiran,sok sieun bener.sanggeus rada lila mikiran,akhirna manehna meunang akal,trus dug weh sare.

Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeunsakadang kuya “kuya,kuya,geura hudang buru ,wang teang nangka tea”ceuk sakadang monyet “kela atuh tunduh keneh ..”eeh buru,kaburu kubatur”ceuk sakadang monyet bari ngoyag-ngoyag awakna ngameh hudang.”nya hayu ari kitu mah “ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh arindit weh maranehna the katempat tangkal nu aya dina mimpi sakadang monyet.ari pek teh bener ,tangkal nangka eta the aya .ceuk kuya.”sok atuh monyet geura naek da urang mah teu bisa naek tangkal .”kela,urang mah teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya”ceuk monyet memeh naek bari seuri dina hate.

Sakadang kuya ngajawab. “lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh ..”oh heuh atuh “ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek .bari bari gagalantungan neangan nangka,dina jero hate na maneh na ngomong.”kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah,keun we lamun protes naha mere nu atah .rek di titah naek tangkal we .hahaha”terus weh ngalaan si monyet teh ,anu sorana plek plek mah di teundeun diluhur keur di dahar kusorangan ,ari nu sorana pluk pluk pluk anu dialing –alungkeun ka si kuya .

Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh laina amis,malah narempel si geutahna kana awak jeung kana biwir.”uya naha nangka urang mah atah euningan?ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah.”apan maenh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah,urang mah ngeun saukur narima hungkul.”bari keur ngadahar nangaka the,tereh beak.”ah manehmah tega ka babaturan teh,maenya urang di bere anu atah “bari cirembay da teu ngadahar nangka asak.akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug,ari sakadang monyet mah indit duka ka mana da baeud tea.


Nama:linda nuralinda 

Semester:3 

Prodi: pgsd 

0 Response to "Carpon bahasa sunda"

Posting Komentar